MC bahasa Sunda
Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat, Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na. Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Komentar
Posting Komentar