MC bahasa Sunda

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat,  
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos,
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1.       Bubuka
2.       Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3.       Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4.       Nembangkeun Nasyid
5.       Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6.       Biantara pangbagea ti pupuhu
7.       Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
8.       Bewara forum alumni
9.       Do’a
10.   Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an  sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu ...... Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan
......
Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.
.........
Hatur sewu nuhun ka pupuhu ............ anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak Sudrajat, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid............ anu janten kareureueusan di sakola ................. Sumangga dihaturanan!
........

Hatur nuhun ka group nasyid .......................... Ciamis anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lomba Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid .................. Amin ya Allah ya Rabbal ‘alamin.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat dihaturanan!
.....
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!
.......
Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin du’a
............
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS.......... di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tips Mudik Aman dan Nyaman Berkendaraan Roda Dua